MAKALAH TEORI MACA BASA SUNDA

Anakciremai
By -
1
Makalah bahasa Sunda tentang Fleksibilitas Sarat Penting Pikeun Maca Efisien (teori Maca basa sunda)
Penyusun: Baitty Nurmuslimah, dkk.
Kampus: UPI Bandung
Jurusan: Pendidikan Basa Sunda


BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang
Kasang tukang dijieun makalah ieu nya éta pikeun nyumponan salasahiji pancén kelompok mata kuliah Tiori Maca. Tiori Maca téh mangrupa salah sahiji mata kuliah anu penting tur kudu di kuasai jeung dipikanyaho ku mahasiswa. Ku ayana ieu makalah mahasiswa jadi apa leuwih jero ngeunaan tiori-tiori dasar maca, hususna ngeunaan fleksibilitas sarat penting pikeun maca efisien.

1.2 Udagan

Udagan tina dijieuna ieu makalah nya éta :

1. Pikeun nyumponan salasahiji panén kelompok;
2. Sangkan mahasiswa mikanyaho jeung miboga pangaweruh ngeunaan fleksibilitas sarat penting pikeun maca efisien.


1.3 Rumusan Masalah

Masalah anu dibahas dina ieu makalah nya éta :

1. Ngeunaan panguasaan kosakata jeung pamahaman dasar ;
2. Udagan maca;
3. Paningkatan Kacepetan maca;
4. Pelatihan maca fleksibel.


BAB II
EUSI
FLEKSIBILITAS SARAT PENTING PIKEUN MACA EFISIEN

Fleksibilitas atawa kaluwesan dina kacepetan maca henteu ngan saukur kamampuh maca dina sakur bahan bacaan nu ngagunakeun cara nu sarua. Fleksibilitas ngamungkinkeun nu maca mariasikeun kacepetan maca dumasar sipat bahan anu dibaca. Ku kituna, ngarah éfisién fleksibilitas bener-bener diperlukeun dina maca. Maranéhna anu mampuh ngajaga fleksibilitas gancangna maca bisa disebut pembaca nu hadé. Sakur jalma nu maca miharep maranéhna téh bisa ngahontal tingkat kamatangan dina kaparigelan maca.
Aya 4 hal anu diperlukeun pikeun éta:
1. Penguasaan Kosakata jeung Pamahaman Dasar
2. Udagan Maca
3. Paningkatan Gancangna Maca
4. Latihan Maca Fleksibel

2.1 Penguasaan Kosakata jeung Pamahaman Dasar
Maham kekecapan anu diperlukeun nya éta penting pisan, sahingga kecap-kecap anu kapanggih nalika maca bisa dipikawanoh kalawan gampang. Kecap-kecap anu teu akrab ku nu maca tangtu ngalambatkeun proses ngurai ma’na anu aya dina bacaan. Mimiti, manéhna kudu nunjukeun éta kecap. Tuluy manéhna kudu neangan kontéks nu bisa jadi petunjuk pikeun manggih ma’nana. Nalika ngarasa pamahamanana ngurangan manéhna bakal ngalambatkeun macana, maca ulang atawa nyokot alternatif lain pikeun ngaronjatkeun pamahamanana. Salian ti éta, lamun bahan anu dibacana gampang, ku kituna bisa jeung wajar lamun ka gancangan macana ningkat. Ku kituna, diajar maham mangrupa sarat pikeun fleksibilitas maca. Lamun hiji jalma boga pembendaharaan kecap nu hadé sarta maham éta kecap, ku kituna manéhna gampang jadi pembaca nu hadé.

2.2 Udagan maca
Udagan maca teu meunang dipopohokeun nalika maca, mikanyaho udagan sateuacan maca hiji bahan nu kapilih bisa ngaleungitkeun sabagian ka teu efisienan “nyoba jeung salah”. Hiji studi anu dilakukeun ku Moe jeung Nania(8) nunjukeun éta hal. Maranéhna nyadarkeun para siswa kana udagan maca ku cara menta siswana maca heula patalekan-patalekan anu dijawab engkena (metode studi sabenerna jeung nu dicobakeun jeung ngahasilkeun hasil anu signifikan.
Nicholaw (9)manggihan yén panjang jeung tingkat bangbaluh bahan teu sapenting udagan anu dirancang. Maranéhna ogé ngabédakeun 2 udagan maca:
1. Maca taliti pikeun manggihan ide-ide utama
2. Maca gancang pikeun manggihan detail-detail penting
Nicholaw ogé nekenkeun perluna praktek fleksibilitas dina latian-latian anu dirancang sacara taliti. Latian-latian éta dikelompokeun jadi 2 jenis udagan di luhur.
Carillo (4) ngajéntrékeun, “Saacan guru ngabiasakeun méré udagan spesifik ka anak didikna, jeung saacan sadia bahan-bahan anu udaganna dinyatakeun kalawan taliti, pasualan maca anu boga udagan mungkin mangrupa pasualan utama dina usaha ngamekarkeun maca anu fleksibel”.


2.3 Paningkatan Kacepetan Maca
Carillo (4) ngajétrékeun, ”ku sabab kapentingan komersial dinu maca gancang, dipatalikeun jeung sababaraha perangkat mekanis anu dipromosikeun salaku peningkat kacepetan, jeung ogé disababkeun panalungtikan sacara terus-terusan tina pamahaman jeung panyikepan dina maca, kacepetan maca bener-bener geus jadi pasualan controversial dasawarsa anu kamari.
Pikeun ngajelaskeun éta situasi ka para pangajar, Spache (10) ngajéntrékeun yén :
Nalika rebuan kecap permenit bisa dihontal ngagunakeun prosedur “nempo saliwat”, baris-baris tulisan mungkin sapenuhna diabaikan. Maca mmurni, dimana hampir sakur kecap diteleman mustahil dihontal dina kacepetan leuwih ti 800-900 kecap/menit numutkeun wates-wates fisiologis nu geus di maklum. Kacindekan ieu, di dukung kunu séjén ngagunakeun data nu nunjukeun yen fiksasi nu paling singkat dina maca dua atawa tilu kecap sahenteuna 1/5 – 1/6 detik. Ku kituna kacepetan nu ngaleuwihan 900 kecap/menit kudu dihontal ku “ngaloncatan,” lain saukur kecap-kecap, tapi ogé baris-baris jeung blok-blok tulisan. Jelas pisan yén ieu téh saukur nurunkeun pamahaman jeung leuwih ngagambarkeun kamampuh lokasional daripada kaparigelan maca.


Carillo (4) ngajéntrékeun kalawan tepat :
Maranéhna anu ngaklaim éfisiensi mesin pangajaran maca biasana nyarita ngeunaan gerak mata jeung kamekaranana. Gerak mata anu efisien, jeda fiksasi anu singkat, jeung “nempo saliwat” anu hadé dina baris saterusna nya éta “gejala” maca anu hadé. Pembaca anu hadé nempokeun ieu gejala. Tapi jalma nu bisa ngamekarkeun gerak mata nu leuwih éfisien jeung persepsi nu leuwih gancang nalika ngagunakeun mesin maca tangtu sulit jadi pembaca anu hadé.
Patali jeung mesin salaku alat bantu pangajaran maca, loba ahli anu sapuk jeung Berger anu ngajéntrékeun dina ringkesana : “naon waé anu bisa dilakukeun mesin bisa ogé dilakukeun,- lamun teu leuwih hadé (jeung leuwih murah)- tanpa mesin”. Glass (6) ngalakukeun hiji studi penting nunjukeun yén kacepetan pamahaman jeung pangaweruh ngeunaan kosakata pakuat pakait jeung gancangna maca.

Carillo (3) nulis :
Nalika fleksibilitas kacepetan bisa dimekarkeun, urang teu piduli deui jeung proses dekoding, tapi leuwih muser kana kacepetan, ngabédakeun “sacara visual” bentuk frasa jeung kecap. Sabenerna, mungkin pisan yén dina tahap awal pangajaran maca leuwih loba perhatian nu dibikeun kana sora kecap, analisis struktural, struktur linguistik, jeung/atawa maca lisan, bakal ngaganggu fleksibilitas kacepetan maca
2.4 Pelatihan Maca Fleksibel
Efisien maca, sabab tekanana kana fleksibilitas, kudu gumantung kana udagan, kacerdasan jeung pangalaman sarta pangaweruh nu maca, salian tingkat kasulitan bahan bacaan. Lamun nu maca miboga pelatihan dina hal iraha ngaronjatkeun kacepetan maca jeung iraha nurunkeuna, manéhna bisa nempokeun hasil nu hadé.
Riset nunjukeun yén para siswa anu geus ngajalankeun sababaraha bentuk pelatihan paningkatan gancangna maca ngahasilkeun kacepetan macana leuwih gancang daripada anu can pelatihan. Braam (2), dina hiji studi ka para mahasiswa senior, nempokeun yén fleksibilitas bisa diajarkeun dina perkuliahan musim panas salila 6 pekan. Perbedaan rata-rata kacepetan nu pangluhurna jeung kacepetan nu pangrendahna mung 19 kecap/menit saacan latihan, sanggeus latihan jadi 159 kecap/menit.
Pembaca efisien umumna ogé pembaca anu fleksibel jeung pelatihan fleksibilitas maénkeun peranan penting. Nalika jalma nu maca éfisien ngurangan kacepetana, manéhna ngalakukeun éta pikeun hiji udagan. Manéhna ngurangan éta kacepetana sabab bahanna ngakudukeun manéhna mikir leuwih lambat.
Pembaca efisien nyoba ngaronjatkeun pamahaman tanpa ngorbankeun kacepetan macana. Atawa kadang-kadang manehna hayang nagronjatkeun kacepetan macana tanpa ngorbankeun pamahamana. Singkatna, manehna teh nya étaa pembaca anu fleksibel. Pembaca anu fleksibel nyaimbangkeun kacepetan maca jeung kacepetan mikir.
Loba saran bisa ditawarkeun didieu ngeunaan cara pikeun ngaronjatkeun kacepetan maca, tapi anu paling penting nya éta ieu : “kacepetan maca keur pembaca anu dewasa kudu miboga variasi mulai ti lantai “lantai” anu saluyu jeung kacepetan ngomong anu rendah nepi ka “langit-langit” nu ngan saukur dikendalikeun ku kacepatan mikir anu dumasar kana bahan tercetak nu di cerap ku manéhna.



BAB III
PANUTUP
3.1 Kacindekan
Jadi fleksibilitas téh penting pisan pikeun maca éfisién. Fleksibilitas atawa kaluwesan dina gancangna maca henteu ngan saukur kamampuh maca dina sakur bahan bacaan nu ngagunakeun cara nu sarua. Fleksibilitas ngamungkinkeun anu maca mariasikeun gancangna maca dumasar sipat bahan anu dibaca.
3.2 Saran
Ieu makalah masih jauh ti kecap sampurna, kusabab kitu kritik jeung saran dipiharep pisan ku nu nulis. Sangkan ieu makalah basa sunda bisa leuwih hade kahareupna.

Download Versi Microsoft Wordnya biar ga usah ngetik lagi download di sini. Jangan lupa juga cendolnya yah.

Posting Komentar

1Komentar

Posting Komentar